Selasa, 27 Januari 2009

Sajak Sunda : Keur Anjeun

Niti wanci nu teu sakeudeung, karasa leuwang..
Sakapeun keueung, Sakapeung Ludeng..
Naha bet kudu kuring nu salah ?
Rumasa, ayeuna kuring jeung anjeun anggang..
tapi, rasa ieu niliktik nalaktak
Nyucruk nyeri jeroning dada..
Bongan urang tepung !
Anjeun luak lieuk meungkeut kageugeut
Duka timana rasa ieu..
Ujug ujug aya dina jeroning dada
Sakumaha gedena katineung ieu..
Sakumaha rongkahna kanyaah ieu..
Ngan kasaksian ku keclakna cai ibun anu herang..
Ditungtung lamunan..
Dina sajak anu tingkelemeung,
Jeung hate nu ngan ukur dicaangan ku damar..
Aya sesa sajuta kahayang..


Dina hujan nu di caangan srangenge

Sumedang 20 januari 2009